Kira-kira taun 1860-an,
pamarentah
Hindia Walanda nyieun jeung ngarubakan jalan antara Kuningan jeung Ciawigebang.
Wahangan Ciliwung pindah ka belah kidul jalan Luragung, sedengkeun pelokan nu disebut pertelon pindah ka tikungan Oleced (ayeuna) dilajengkeun ku
gawe paksa
(rodi) pepelakan kopi. Harita teh Desa Danasuka diganti jadi Manggari ku kompeni Walanda nu keur
nyieun peta pikeun nyieun jalan. Aya oge kajadian ceuk jalma kolot baheula sapertos kieu
:
Di hiji poe aya sarombongan patrol
kompeni nu keur ngontrol naek kuda datang ti beulah kaler ka Pertelon Manggari. Nembe oge nepi di wahangan Ciporang, sadaya kudana carapeeun, didinya kompeni
ngareureunan. Saurang komando kompeni nyauran salah saurang warga Manggari, maksudna
pikeun nanyakeun kaayaan daerah eta jeung ngaran daerah eta make basa anu teu dipikaharti ku rahayat. Kabeneran kompeni eta leumpangna
ingsud-ingsudan kusabab dina sampeanna aya raheut.
Teu diduga salah saurang
sesepuh rahayat Manggari ngawanikeun diri maju kusabab ngira yen eta kompeni menta tulung. Saentosna
kompeni caket ka sesepuh, anjeuna tumaros deui, “Ieu kampong naon?” ngangge logat basa Melayu dialek Walanda. Kapaksa sesepuh eta saking ku teu ngartosna
patarosan eta
kompeni anu diajukeun ka manehna, anjeunna gog nagog wae ningal raheut dina sampean eta kompeni. Ujug-ujug si
sesepuh eta teh nyarios “Oh Lecet”. Mireng cariosan kitu
kompeni katingal sapertos gumbira, tuluy diserat dina bukuna.
Saatos eta, sadaya rombongan
kompeni Walanda ngalajengkeun ngontrol ka daerah Kuningan. Sataun saatos
kajadian eta di
jalan pertelon dibere tanda
atawa plang nu dibubuhan ku ngaran “Kampong Olecet”.
Sakitu silsilahna, lami
kalamian ubah janten Oleced (kusabab
Olecet mangrupa dialek Jawa).
Tidak ada komentar:
Posting Komentar