Just Another Little Things You Don't Know About Me

Rabu, 04 Desember 2013

Sajak Sunda


Indung
Ayatrohaedi

Iuh tanjung seungitna marganing wuyung
Liuh indung
perbawa nu cadu nundung
Mun di dunya ngan aya indung jeung bapa
Bakal bisa ngawasa sajagat raya
Ngan indung memeh miang dielingan
Lamun hirup ngan ngumbar karep sorangan
Temahna poho ka indung
Kaduhung nunggu di tuntung
Nya hanjakal bakal jadi incu cikal

Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma leuwih ti indung micinta
Indung gudang hampura
Salapan bulan dikandung
Moal aya hiji jalma leuwih ti anak rumasa
Anak gudang dosa
Salapan bulan ngakandung
Pinuh rasa jeung rumasa
Salapan bulan dikandung
Pinuh dosa
jeung rumasa

1 komentar:

  1. Harrah's Cherokee Casinos - Mapyro
    Harrah's Cherokee Casino Resort 수원 출장샵 and Harrah's 남원 출장안마 Cherokee Casino Resort have one of the largest gambling 안성 출장마사지 floors in the state. 광양 출장샵 They operate a casino hotel 익산 출장샵

    BalasHapus