Just Another Little Things You Don't Know About Me

Jumat, 17 Januari 2014

Asal Muasal Curug Bangkong

Curug Bangkong nyaéta obyék wisata Kabupatén Kuningan nu aya di Désa Kertawirama. Curug bangkong ngabogaan jero 23 méter kalayan rubak kira-kira 3 méter.  Daya cai curug ieu perenahna lamun usum hujan datang, jumlah caina nambahan leuwih gedé nu ngajadikeun curug kabeulah jadi dua. Salian ti kaéndahan curug, tétéla aya hal anu séjén mangrupa carita-carita ti dunya séjén anu sok ngawarnaan di mana ayana.  Béjana, loba nu datang ka curug ieu teh teu saukur ulin, tapi pikeun tujuan séjén, kawas néangan barokah sarta moro kasaktian.
Nurutkeun carita ti masarakat sakitar curug, baheula aya jalma kolot ngaranna Wiria, asalna ti Ciamis.  Manéhna sok tapa di unggal tempat anu keur ngalalana.  Teu kahaja manéhna manggihan hiji curug,  tuluy manéhna hayang tapa di éta curug pikeun nambah kasaktian. Ogé manéhna yakin lamun di tempat éta manéhna baris bisa ilafat. Singket carita, manéhna ngajarkeun masarakat ngajieun gula beureum anu tuluy jadi pakasaban sapopoé masarakat désa Kertawirama. Hiji waktu, Wiria anu disebut Abah Wiria ku masarakat désa Kértawirama ngarasa aya anu ngaharewosan pikeun tapa deui di éta curug, harita tapana lain sapoé atawa dua poé, tapi mangtaun-taun nepi ka masarakat hariwang abah Wiria moal balik deui. Sabada éta, masarakat néang abah Wiria ka curug tapi teu kapanggih dedegannana, nepi ka masarakat nyimpulkeun yén abah Wiria ngajirim jadi bangkong sabab saprak abah Wiria teu kapanggih, sok aya sora bangkong padahal di sabudeureun curug jarang kapanggih bangkong. Ti dinya éta curug dingaranan curug bangkong, kusabab dipercaya curug éta dijagaan ku abah Wiria anu ngajelma jadi bangkong.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar