Just Another Little Things You Don't Know About Me

Jumat, 17 Januari 2014

Asal Muasal Ngaran Desa Oleced

Kira-kira taun 1860-an, pamarentah Hindia Walanda nyieun jeung ngarubakan jalan antara Kuningan jeung Ciawigebang. Wahangan Ciliwung pindah ka belah kidul jalan Luragung, sedengkeun pelokan nu disebut pertelon pindah ka tikungan Oleced (ayeuna) dilajengkeun ku gawe paksa (rodi) pepelakan kopi. Harita teh Desa Danasuka diganti jadi Manggari ku kompeni Walanda nu keur nyieun peta pikeun nyieun jalan. Aya oge kajadian ceuk jalma kolot baheula sapertos kieu :
Di hiji poe aya sarombongan patrol kompeni nu keur ngontrol naek kuda datang ti beulah kaler ka  Pertelon Manggari. Nembe oge nepi di wahangan Ciporang, sadaya kudana carapeeun, didinya kompeni ngareureunan. Saurang komando kompeni nyauran salah saurang warga Manggari, maksudna pikeun nanyakeun kaayaan daerah eta jeung ngaran daerah eta make basa anu teu dipikaharti ku rahayat. Kabeneran kompeni eta leumpangna ingsud-ingsudan kusabab dina sampeanna aya raheut.
Teu diduga salah saurang sesepuh rahayat Manggari ngawanikeun diri maju kusabab ngira yen eta kompeni  menta tulung. Saentosna kompeni caket ka sesepuh, anjeuna tumaros deui, “Ieu kampong naon?” ngangge logat basa Melayu dialek Walanda. Kapaksa sesepuh eta saking ku teu ngartosna patarosan eta kompeni anu diajukeun ka manehna, anjeunna gog nagog wae ningal raheut dina sampean eta kompeni. Ujug-ujug si sesepuh eta teh nyarios “Oh Lecet”. Mireng cariosan kitu kompeni katingal sapertos gumbira, tuluy diserat dina bukuna.
Saatos eta, sadaya rombongan  kompeni  Walanda ngalajengkeun ngontrol ka daerah Kuningan. Sataun saatos kajadian eta di jalan  pertelon dibere tanda atawa plang nu dibubuhan ku ngaran “Kampong Olecet”.
Sakitu silsilahna, lami kalamian ubah janten Oleced (kusabab Olecet mangrupa dialek Jawa).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar